Selasa, 13 November 2018

Alam dunya

Alam dunya geus paciweuh,
Bencana datang ngeureuyeuh,
Nu ma'siat beuki maceuh,
Nu ibadah beuki euweuh.

Alam dunya beuki keu'eung,
Loba jalma nu malaweung,
Nu doraka beuki anteng,
Kana ibadah teu mayeng.

Alam dunya beuki ruksak,
Nu doraka pabalatak,
Pamarentah kedah bijak,
Ka umat islam kurang mihak.

Alam dunya geus pakewuh,
Ku bencana angin puyuh,
Loba tangkal anu rubuh,
Katut imah ge raruntuh.

Alam dunya beuki ancur,
Jalma jalma geus lalacur,
Silih hewa'an jeung dulur,
Poho kana alam kubur.

Alam dunya beuki poek,
Geus loba jalma nu fasek,
Umat islam silih ledek,
Ka ulama wani ngadek.

Alam dunya beuki angar,
Loba jalma anu sasar,
Kana takdir geus teu sadar,
Ma'siat di anggap wajar.

Alam dunya geus teu ca'ang,
Loba beja anu mang mang,
Ngabohong geus teu kapalang,
Berita geus nyararimpang.

Alam dunya moal anger, 
Pasti engke bakal euneur,
Gunung bakal alalunger,
Manusa bakal laliyeur,

Alam dunya geus teu angger,
Loba jalma anu lieur,
Ka pasantren beuki, mindeur
Kana solat ngabalieur.

Dunya teh geus nini-nini,
Jalma ma'siyat warani,
Anu matak loba lini,
Akhirna jadi tsunami,

Ku dunya loba ka bengbat,
Mun roh kaburu sakarat,
Moal ditarima tobat,
Cilaka dunya akherat,

Masjid mah nga jarerepet,
Jama'ah na ukur karpet,
Ngisi kotak amal koret,
Akhirna hirup samporet,

Dunya geus tereh kiamat,
Awewe ngaku muslimat,
Tapi tara nutup orat,
Kade kaburu sakarat,

Dunya geus tereh qiamat,
Hayu gancang geura tobat,
Geura jauhan maksiat,
Meh bagja dunya akherat,
......................................
Nyanggaken sing janten pangeling ngeling supaya areling��

Tidak ada komentar:

Posting Komentar